MISTERI LEUWEUNG CANTAYAN
CANTAYAN téh ngaran hiji pasir leutik, jembet ku leuweung, manjang di sapanjang sisi Walungan Citarum. Perenahna aya di tapel wates Kabupatén Cianjur, tapi deukeutna ka wilayah Kabupatén Purwakarta. Di tebéh dituna, napel wates antara Kabupatén Cianjur jeung Kabupatén Sukabumi,ogé aya Leuweung Cantayan. Ngan ieu carita mah keur ngadongéngkeun Leuweung Cantayan anu napel wates jeung Purwakarta. Leuweung Cantayan lumayan jembetna. Urang Cianjur mah tara pirajeunan ngulampreng ka dinya. Malah anu sok indit mah, anu peuntaseunana, nya éta ti Kampung Babakan Cianjing. Kitu sotéh baréto, sabab béh dieu béh dieu areal Bendungan Jatiluhur beuki ngalegaan. Ayeuna mah Kampung Babakan Cianjingna ogé da geus euweuh. Kakeueum ku bendungan.