Kembali ke beranda
MISTERI LEUWEUNG CANTAYAN
Ieu lalakon téh nyaritakeun kajadian taun 1945, mangsana ahir Jepang ngajajah Indonésia. Pangandaran harita masih dikawasa ku Tentara Jepang. Ku Jepang, Pangandaran anu perenahna di sisi laut kidul, dipaké tempat jang ngintip gerakan Pasukan Sekutu anu jolna ti Lautan Hindia. Jepang ogé satadina eudeuk ngabangun palabuan jang pertahanan militér. Rayat Pangandaran, dimangpaatkeun tanagana. Sina gawé paksa boh dititah ngajaga basisisr boh dititah ngajaga basisir.